NGARAN
KEKEMBANGAN (BAHASA SUNDA)
Kembang Awi :
Eumbreuk
Kembang Bako
:
Bosongot
Kembang
Bawang : Ulated
Kembang
Boléd : Téla
Kembang Cabé
: Bolotot
Kembang Cau : Jantung
Kembang
Céngék : Péncéngés
Kembang
Cikur : Jelengut
Kembang
Eurih : Ancul
Kembang
Gedang : Ingwang
Kembang
Génjér : Gelenyé
Kembang Hoé : Bubuay
Kembang
Honjé : Comrang/Rombéh
Kembang Jaat
: Jalinger
Kembang
Jambé : Mayang
Kembang
Jambu Aér : Lenyap
Kembang
Jambu Batu : Karuk
Kembang
Jarak : Uing
Kembang
Jéngkol : Mérékényényén
Kembang
Jeruk :
Angkruk/Angkés
Kembang
Jotang : Puntung
KembangKadu : Olohok
Kembang
Kalapa : Suligar
Kembang
Peuteuy : Pendul
Kembang Kaso
:
Curiwis
Kembang
Kawung : Pengis
Kembang
Konéng : Badul
Kembang Kulur
: Pelepes
Kembang Laja
: Jamotrot
Kembang
Leunca : Pengit
Kembang
Limus : Saleksek
Kembang
Lopang : Cacas
Kembang
Muncang : Rinduy
Kembang Paré
: Ringsang
Kembang
Salak : Sedek/Gojod
Kembang
Sampeu : Dingdet
Kembang
Taleus : Ancal
Kembang
Tangkil : Uceng
Kembang
Terong : Moncorong
Kembang Tiwu
: Badaus
Kembang
Waluh : Aléwoh
NGARAN SATO
(BAHASA SUNDA)
Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng
: nanar
Anak banteng
: bangkanang
Anak
bangbung : kuuk
Anak
bangkong :
buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg : boncel
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup
: bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak monyet : begog
Anak munding
: eneng
Anak reungit
: utek-utek
Anak sapi : pedet
Anak ucing : bilatung
NGARAN
PATUKANGAN
Anjun : tukang nyieun parabot tina
taneuh
Bujangga : tukang nyieun/nulis carita
Candoli :
tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
Gending : tukang nyieun parabot tina
kuningan
Kabayan : tukang dititah ka ditu ka dieu
Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga
jinem (nu dihukum)
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas
atawa pérak
Kebojengkeng : tukang ngagusur padati
Kulaér : kusir anu tumpakna dina
kuda karéta pangagung
Kuncén :
tukang ngurus kuburan
Legig : tukang ngasruk dina
pamoroan
Malim : tukang nalukkeun sasatoan
Maranggi : tukang nyieun landéan jeung
sarangka keris
Merebot : tukang nakol bedug
Sarawédi : tukang ngagosok permata
Pakacar :
bujang, juru ladén
Palatuk :
iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Palédang : tukang nyieun parabot tina
tambaga
Palika : tukang teuleum (ngala
lauk)
Pamatang : tukang moro nu sok ngagunakeun
tumbak
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Panday :
tukang nyieun parabot tina beusi
Paninggaran : tukang moro
Sarati : tukang ngusir gajah
NGARAN
PAKAKAS
Arit. : Parabot paranti ngala jukut/Pare (rumput/padi)
Aseuk : paragi ngaseuk
ancun : paragi ngakut Es kacang
Balincong :
Paragi Nugar
Baliung :
pakakas anu bisa dijieun Patik/rimbas
Bandring (
Ketepel) : paranti maledogkeun
Batu
Bedog : paranti Ngadek
Congkrang : paranti nyacar
Dekol : paragi
ngadek tur bisa di pake nakol
Etem : alat
paragi dibuat ( ngala Pare)
Gacok : alat paragi
nugar
Gaet : alat
paragi ngait nu beurat tur di gagangan
Gegendir : alat paragi
Neungeul nu beurat
Gobang : Saperti bedog
tapi panjang
Gondewa : paragi mentangkeun
jamparing
Jara : alat
paragi ngaliangan awi
jamparing : panah
Kikir : alat
paragi ngasah ragaji
Kored : alat paragi
miceunan jukut
kujang : pakarang
urang sunda baheula
Parang : alat paranti
ngababad jukut dina galeng
Sumpit : alat paranti
ngala lauk
Sundung : alat paranti
ngawadahan Jukut
PAKAKAS
DAPUR TINA ANYAMAN
Tolombong = Wadah bangsal,atawa
hasil palawija
Dingkul = sagedeeun
tolombong
Gebog = dingkul gede
paranti wadah pare
Cecempeh = nyiru leutik paranti
moekeun lauk asin
Nyiru = paranti
napikeun beas beunang nyosoh
Tampir = nyiru gede
paranti moekeun bangsal, sisikian
Besek = paranti
wadah dahareun dina hajatan
Tingkem = paranti
wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman)
Sumbul = wadah sangu
Sumbul
garitung = sumbul gede anu
aya gantunganana (wadah kadaharan)
Tetenong = wadah kadaharan
Pangangen = paranti (tempat
ngakeul)
Ayakan =
parantingalo huut lemes
Ayakan gede = paranti nyieun opak
Cecenting = boboko leutik
kaulinan barudak
Boboko = Paranti
wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan)
Pasegan = said kapalang
Said = boboko
gede
Totolonto = wangunna saperti
tolombong (wadah timbel)
Aseupan = paranti nyangu
Hihid = paranti
ngageberan waktu ngakeul
Rombong = wawadahan keur
ngala buah
Piruruhan = wadah runtah
Carangka = paranti wadah
jukut
Rinjing = paranti
balanja ka pasar
Cireung = rinjing anu
anyamanana carang dijieun tina hoe
PAKAKAS
DAPUR TINA GARABAH :
Pariuk = paranti
ngangeun
Jajambaran = tempat kukumbah
Anglo = hawu leutik
paranti ngaliwet, naheur cai.
Keren = panti
nyieun surabi (anglo leutik)
Kekeb = paranti
nutupan sagu dinaaseupan
Cowet = paranti
nyambel, ngarujak, ngalotek .
Pependil = parandi ngaliwet
Gentong = wadah cai
Paso =
saleutikeun jajambaran
Mutu/gegerus
= paranti ngarendos
bumbu.
PAKAKAS
DAPUR TINA KAYU JEUNG TI NU SEJENNA :
Seeng = panti nyangu
make aseupan
Anglo = paranti
ngayak tipung
Gerengseng = paranti nyieun
dodol/wajit (tina tambaga)
Halu = paranti
nutu
Kele = paranti
ngala cai
Siwur = paranti
nyiuk cai
Canting = siwur leutik
tina awi
Sinduk = paranti nyiuk
angeun (tina batok kalapa)
Koja =
wawadahan tina jarring
Kaneron = kantong tina hoe
anu bias dicangklek
Jojodog = paranti diuk
bari nagog
Dingklik = jojodog
jangkung keur diuk waktu gogoreng
Talenan = Paranti
ngahiris bawang atawa bumbu liana
Cakil/cangklek = paranti ngagantungkeun
siwur, ngaitkeun boboko
Teko = paranti
wadah cai pikeun nginum
Poci = teko
leutik
Meno = cangkir
leutik taya gagangan
Paraseuneu = tempat nyimpen
bibinihan luhureun hawu
Kawali = paranti
gogoreng
Dongdang = wadah
kadaharan(digotong) anu geus asakkeur ondangan
Bokor = tempat
bubuahan tina tambaga
Tampolong = tempat ngaluah (anu
nyeupah)
Padaringan = tempat nyimpen beas
Goah = ruangan
leutik paranti nyimpen beas atawa tempat ngukus
Kati = paranti
nyiuk beas tina batok kalapa
Kacip = pameulahan
jambe (saperti gunting)
Cewo = Wadah apu
pikeun ngalemar
Loloco = paranti
ngaloco lemareun (biasa tina tambaga/kuningan sari)
Ulakan = pikeun
ngageleng jenggel keur nyieun opak
Songsong = paranti niup seuneu
di hawu
Cempor = dammar leutik
(make minyak tanah)
Damar = pikeun
nyaangan di dapur (make minyak tanah)
Delepak = paranti nyaangan
make minyak suuk
Peso = paranti
keukeureut olahan di dapur
Abir = peso
gede paranti motongan daging
Dulang = paranti
ngarih atawa ngakeul tina kayu
Keda = paranti
nyimpen sangu tina kayu nari aya tutupna
Giribig = sabangsa
bilik tapi dianyam rarekep keur moe bangsal (pare)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar